Senin, 29 Oktober 2018

Yu nembang LÉANG-LÉANG

(Bari nyangkéré di Saung Sawah)

Papan kiara ditatah
Iraha jadi lomari
Mun bisa miara létah
Pinasti salamet diri

Ninyuh ubar ku cipati
Diwadahan kana gelas
Jalma sabar éta pasti
Ku Allah dipikawelas

Kapinis hiber dipegat
Ragragna tunggul kalapa
Nu geulis ngumbar aurat
Teken kontrak di naraka

Ngala tutut ka talaga
Saladah reujeung campoléh
Lamun hayang asup sorga
Amal ibadah sing soléh

Ka mana jalan ka Jogja
Ka ditu ka Palimanan
Ka mana jalan ka sorga
Ka ditu ka Pangajian

Ka mana ngaitkeun kincir
Ka wetan katojo bulan
Ka mana ngaitkeun pikir
Ka Allah Nu Mikaheman

Lauk emas dina ganggeng
Disameran ku japati
Boga emas moal langgeng
Teu cara boga pangarti

Limun tawé jajar opat
Lawon sepré gandaria
Lamun teu maliré shalat
Luas mihape sawarga

Nurih lauk di muara
Boboko carang anyamna 
Peurihna adzab naraka
Hamo kabayang ku rasa

Masing asak-asak ngéjo
Bisi tutung tambagana
Masing asak-asak nempo
Bisi kaduhung jagana

Titiran di luhur gunung
Dina tangkal saliara
Mun laku babari pundung
Nu rugi diri nyalira

Ka mana si jangkung hideung
Ka leuwi rek muru mandi
Ka mana mun mikatineung
Ka Gusti Nu Maha Suci

Tidak ada komentar:

Posting Komentar