Rabu, 09 Januari 2019

SILIH RAKSA JEUNG SASAMA MUSLIM

KHUTBAH KAHIJI

إنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا
مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ,
أَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ اِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لَاشَرِيْكَ لَهُ، شَهَادَةَ مَنْ هُوَ خَيْرٌ مَّقَامًا وَأَحْسَنُ نَدِيًّا.
وَأَشْهَدُ أَنَّ سَيِّدَنَا محَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الْمُتَّصِفُ بِالْمَكَارِمِ كِبَارًا وَصَبِيًّا.
اَللَّهُمَّ فَصَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ كَانَ صَادِقَ الْوَعْدِ وَكَانَ رَسُوْلاً نَبِيًّا، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ الَّذِيْنَ يُحْسِنُوْنَ إِسْلاَمَهُمْ وَلَمْ يَفْعَلُوْا شَيْئًا فَرِيًّا،
أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ رَحِمَكُمُ اللهُ،
اُوْصِيْنِيْ نَفْسِيْ وَإِيَّاكُمْ بِتَقْوَى اللهِ، فَقَدْ فَازَ الْمُتَّقُوْنَ.
قَالَ اللهُ تَعَالَى :

يَسْأَلُونَكَ عَنِ الشَّهْرِ الْحَرَامِ قِتَالٍ فِيهِ قُلْ قِتَالٌ فِيهِ كَبِيرٌ وَصَدٌّ عَنْ سَبِيلِ اللَّهِ وَكُفْرٌ بِهِ وَالْمَسْجِدِ الْحَرَامِ وَإِخْرَاجُ أَهْلِهِ مِنْهُ أَكْبَرُ عِنْدَ اللَّهِ وَالْفِتْنَةُ أَكْبَرُ مِنَ الْقَتْلِ وَلَا يَزَالُونَ يُقَاتِلُونَكُمْ حَتَّىٰ يَرُدُّوكُمْ عَنْ دِينِكُمْ إِنِ اسْتَطَاعُوا وَمَنْ يَرْتَدِدْ مِنْكُمْ عَنْ دِينِهِ فَيَمُتْ وَهُوَ كَافِرٌ فَأُولَٰئِكَ حَبِطَتْ أَعْمَالُهُمْ فِي الدُّنْيَا وَالْآخِرَةِ وَأُولَٰئِكَ أَصْحَابُ النَّارِ هُمْ فِيهَا خَالِدُونَ
[Surat Al-Baqarah 217]

Ikhwani fiddin a’azzaniyallahu waiyyakum,
Prak geura tarakwa anjeun ka Alloh SWT. Geura cumponan sakabéh paréntah-Na, jauhan sagala cegahana-Na! Nya ku hal éta pisan, urang bakal nyangking darajat takwa anu sampurna.
Salah sahiji karakter/sifat jalma anu takwa nyaéta silih raksa, silih jaga jeung silih merhatikeun ka dulurna sasama Muslim. Kunaon bisa kitu? Sabab sasama Muslim téh nyaéta dulur, singsanajan maranéh cicing di tempat/wilayah anu béda. Haté manéhna moal meréan lamun dulurna hirup dina kaayaan kasusahan, sangsara atawa dina kaayaan meunang kazholiman jalma séjén atawa bangsa deungeun.
Ku saking kuatna tali duduluran dina Islam, nepika Nabi SAW ngagambarkeun hubungan sasama Muslim téh kacida pisan raketna. Dawuhan Nabi SAW:
مَثَلُ الْمُؤْمِنِينَ فِي تَوَادِّهِمْ، وَتَعَاطُفِهِمْ، وَتَرَاحُمِهِمْ، مَثَلُ الْجَسَدِ، إِذَا اشْتَكَى مِنْهُ عُضْوٌ تَدَاعَى سَائِرُ الْجَسَدِ بِالسَّهَرِ وَالْحُمَّى

“Gambaran saurang Mukmin (jeung Mukmin sejénna) dina perkara silih pikacinta jeung silih pikaasih saperti hiji awak . Lamun (aya) salah sahiji bagéan awakna keuna ku tatu (gering), mangka (bakal karasa) ku sakujur awakna ku ngarasa panas jeung muriang”. (HR. Bukhari jeung Muslim)
Wajar lamun aya kaum Muslim anu diganggu kahurmatanana, mangka Muslim anu séjénna bakal ngilu mantuan jeung mélaan. Komo deui lamun nepi ka kaum Muslim dihinakeun harga dirina ku jalma-jalma kafir. Alloh SWT ngadawuh:
أُذِنَ لِلَّذِينَ يُقَاتَلُونَ بِأَنَّهُمْ ظُلِمُوا وَإِنَّ اللَّهَ عَلَىٰ نَصْرِهِمْ لَقَدِيرٌ

“Geus diizinan (ngalakukeun perang) pikeun jalma-jalma anu keur diperangan, sabab saéstuna maranéhna téh keur dianiaya. Jeung Alloh Maha Kawasa nulungan ka maranéhna”. (QS Al Hajj: 39)
Sidang jumah rohimakumulloh
Mangka lamun wanci kiwari urang nguping yén kaum Muslim etnis Uighur di Xinjiang, Cina keur meunang katunggaraan, urang ogé sakuduna ngarasakeun katunggaraan maranéhna. Laporan PBB panganyarna nyebutkeun, antawis dua jutaan warga Muslim Uighur dipaksa nyanghareupan indoktrinasi (maksakeun kayakinan) di sajumlah kémp-kémp konséntrasi di wilayah otonomi Xinjiang. Kaum Muslim "dicuci" otakna jeung dipaksa supaya narima ajaran komunismeu anu patukang tonggong jeung ajaran Islam.
Dulur-dulur urang di ditu, salilana meunang panyiksa anu geus teu asup akal sehat saperti: teu meunang puasa dina bulan Romadhan, ulah ngayakeun pangajian nepi ka teu meunang ngalaksanakeun sholat jamaah di masjid-masjid. Lalaki anu miara janggot jeung awéwé anu maké hijab dicirian ku aparat. Rezim komunis maksa ka para padagang Muslim kudu ngajual alkohol. Muslim teu meunang ngagunakeun ngaran Islami. Jeung anu leuwih lebih parah deui, rézim anti agama ieu geus nutup loba pisan masjid.
Sidang jumah rohimakumulloh
Kadengkian kaum kafir ka kaum Muslim kacida pisan nyatana. Maranéhna teu resep lamun Islam nanjeur. Maranéhna ngamusuhan kana agama ieu. Jeung ieu pisan anu dibéwarakeun ku Alloh SWT ka urang sadaya ngalangkungan dawuhana-Na: 
لَتَجِدَنَّ أَشَدَّ النَّاسِ عَدَاوَةً لِلَّذِينَ آمَنُوا الْيَهُودَ وَالَّذِينَ أَشْرَكُوا

“Saéstuna aranjeun bakal manggihan jalma-jalma anu paling hebat ngamusuhna ka jalma-jalma anu ariman nyaéta kaum Yahudi jeung kaum musyrik”. (TQS al-Maidah [5]: 82)
وَلَا يَزَالُونَ يُقَاتِلُونَكُمْ حَتَّى يَرُدُّوكُمْ عَنْ دِينِكُمْ إِنِ اسْتَطَاعُوا
“Maranéhna (kaum kafir) teu pernah eureun merangan aranjeun (kaum Muslim) nepi ka maranéhna bisa malikeun deui aranjeun tina agama aranjeun (kana kakafiran) lamun seug mah maranéhna sanggup”. (TQS al-Baqarah [2]: 217)

Kitu pisan kadengkian jeung ngamusuhna kaum kafir jeung kaum musyrik ka kaum Muslim. Kusabab kitu, anéh pisan lamun masih aya kénéh kaum Muslim anu neundeun harepan supaya dipikarunya ku maranéhna jalma kafir.
Sidang jumah rohimakumulloh,
Muncul pasualan, terus naon atuh anu bisa ku urang dilakonan pikeun nulungan dulur-dulur urang Muslim Uighur kiwari? Urang wajib nulungan maranéhna. Alloh SWT ngadawuh:
وَإِنِ اسْتَنْصَرُوكُمْ فِي الدِّينِ فَعَلَيْكُمُ النَّصْرُ

“Lamun maranéhna ménta tulung ka aranjeun dina (perkara buméla) agama, mangka aranjeun wajib nulungan”. (TQS al-Anfal [8]: 72)
Uighur, saperti ogé Muslim Rohingya, Muslim Paléstina, Muslim Suriah, jeung anu sejénna geus lila ngajerit ménta tulung ka kaum Muslim. Maranéhna hayang diselamatkeun. Kusabab kitu, wajib pikeun kaum Muslim di sakuliah dunya, kaasup Pamaréntah jeung rahayat Indonésia, ngaraksa ka maranéhna; ngajaga kaimanan jeung kaislaman maranéhna; sakaligus nyegah maranéhna tina kakufuran nu dipaksakeun ka maranéhna.
Ngan kacida hanjeluna, wanci kiwari teu aya saurang-saurang acan pamingpin Muslim anu boga kahayang jeung kawani ngirimkeun pasukan perangna pikeun nyalamatkeun maranéhna. Saéstuna pamingpin nagri-nagri Islam teu miroséa maranéhna. Padahal nyolok mata buncelik kajahatan nu taya ras-rasan keur lumangsung. Kaasup pangawasa nagri ieu, Indonesia, anu pangeusi Muslimna panglobana sadunya. Tong boroning mantuan sacara nyata, ngan ukur nyarék ogé teu betus. Estu réhé simpé teu kecét-kecét siga bueuk meunang mabuk.
Kanyataan ieu beuki mancegkeun kasimpulan yén umat téh kacida pisan butuhna ka pamingpin muslim anu sajati, anu teu weléh ngajaga, ngaraksa-ngariksa kaum muslim di sakuliah dunya jeung jadi benténgna aqidah jeung diri maranéhna.
Ka saha deui ayeuna umat Islam ngantengkeun harepan jeung ménta sangkan aya anu ngajamin kaamanan dirina? Samentara kakawasaan Islam, anu dina syariah disebut khilafah, rintang henteu aya. Padahal saur Nabi SAW:
وَإِنَّمَا الإِمَامُ جُنَّةٌ يُقَاتَلُ مِنْ وَرَائِهِ وَيُتَّقَى بِهِ
“Saéstuna Imam (Khalifah) téh saperti taméng. Kaum Muslim perang jeung néangan kaamanan di tukangeun manéhna”. (HR al-Bukhari jeung Muslim)

Umat Islam ayeuna teu bisa miharep ka para pamingpin Muslim. Ngan Khilafah hiji-hijina harepan. Sabab Khilafah anu bisa méré kaamanan sajati umat sakaligus ngajaga agama, kahormatan, getih jeung harta maranéhna (kaum muslimin). Khilafah oge bakal jadi anu ngajaga kasatuan, persatuan jeung gemblengna satiap jeungkal wilayah maranehna.
Kusabab kitu, wajib ka sadaya kaum Muslim bajoang kalawan soson-soson pikeun ngawujudkeun deui kawajiban syariah dina pamaréntahan nyaéta KHILAFAH. Geus waktuna khilafah hadir, ngadeg deui ditengah-tengah umat. Tos waktosna Khilafah Rasyidah ‘ala Minhajin Nubuwwah anu kadua ditanjeurkeun di bumi Alloh ieu, supados izzul Islam wal muslimin bener-bener jadi milik kaum muslimin sarta Islam jadi rohmat ka sakabéh alam.
Mugi-mugi Alloh SWT saénggalna maparin pitulung ka urang sadaya. Aamiin
[]
بَارَكَ الله لِي وَلَكُمْ فِى اْلقُرْآنِ اْلعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِي وَإِيَّاكُمْ بِمَافِيْهِ مِنْ آيَةِ وَذِكْرِ الْحَكِيْمِ وَتَقَبَّلَ اللهُ مِنَّا وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ وَإِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمُ، وَأَقُوْلُ قَوْلِي هَذَا فَأسْتَغْفِرُ اللهَ العَظِيْمَ إِنَّهُ هُوَ الغَفُوْرُ الرَّحِيْم
Khutbah Kadua
اَلْحَمْدُ للهِ عَلىَ إِحْسَانِهِ وَالشُّكْرُ لَهُ عَلىَ تَوْفِيْقِهِ وَاِمْتِنَانِهِ. وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ اِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَاللهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ الدَّاعِى إلىَ رِضْوَانِهِ. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وِعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَسَلِّمْ تَسْلِيْمًا كِثيْرًا
أَمَّا بَعْدُ فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اِتَّقُوااللهَ فِيْمَا أَمَرَ وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ أَمَرَكُمْ بِأَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ وَثَـنَى بِمَلآ ئِكَتِهِ المسبحة بِقُدْسِهِ وَقَالَ تَعاَلَى إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِى يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اللهُمَّ صَلِّ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ وَعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ وَعَلَى اَنْبِيآئِكَ وَرُسُلِكَ وَمَلآئِكَةِ اْلمُقَرَّبِيْنَ وَارْضَ اللّهُمَّ عَنِ اْلخُلَفَاءِ الرَّاشِدِيْنَ أَبِى بَكْرٍ وَعُمَر وَعُثْمَان وَعَلي وَعَنْ بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ بِرَحْمَتِكَ يَا أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلاَحْيآءُ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ اللهُمَّ أَعِزَّ اْلإِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيَّةَ وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ وَ دَمِّرْ أَعْدَاءَ الدِّيْنِ وَاعْلِ كَلِمَاتِكَ إِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اللهُمَّ ادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ وَسُوْءَ اْلفِتْنَةِ وَاْلمِحَنَ مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خآصَّةً وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عآمَّةً يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَا وَاإنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ.
عِبَادَاللهِ ! إِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلإِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِي اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ وَاذْكُرُوا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ أَكْبَرْ

Tidak ada komentar:

Posting Komentar