Senin, 08 Oktober 2018

Alam dunya geus paciweuh,

Alam dunya geus paciweuh,
Bencana datang ngeureuyeuh,
Nu ma'siat beuki maceuh,
Nu ibadah beuki euweuh.

Alam dunya beuki keu'eung,
Loba jalma nu malaweung,
Nu doraka beuki anteng,
Kana ibadah teu mayeng.

Alam dunya beuki ruksak,
Nu doraka pabalatak,
Pamarentah geus teu mihak,
Ka umat islam geus nincak.

Alam dunya geus pakewuh,
Ku bencana angin puyuh,
Loba tangkal anu rubuh,
Katut imah ge raruntuh.

Alam dunya beuki ancur,
Jalma jalma geus lalacur,
Silih hewa'an jeung dulur,
Poho kana alam kubur.

Alam dunya beuki poek,
Geus loba jalma nu fasek,
Umat islam silih ledek,
Ka ulama wani ngadek.

Alam dunya beuki angar,
Loba jalma anu sasar,
Kana takdir geus teu sadar,
Ma'siat di anggap wajar.

Alam dunya geus teu ca'ang,
Loba beja anu mang mang,
Ngabohong geus teu kapalang,
Berita geus nyararimpang.

Alam dunya geus teu angger,
Loba jalma anu lieur,
Ka pasantren beuki, mindeur
Kana solat ngabalieur.

Dunya geus tereh qiamat,
Hayu gancang geura tobat,
Geura jauhan ma'siat,
Meh bagja dunya aherat..

1 komentar:

  1. Assalamu'alaikum warohmatulohi wabarakatuh.maaf, mau Izin copas min🙏

    BalasHapus